PANGARUH JADI GERUH.
(Bagian Kahiji)
Harita teh poe minggu munasabah lamun jalma beda tipoe biasana bubuhan poe pasar jadi jalma leuwih loba. Hareupeun pasar aya mobil angkutan anu ereun lantaran aya jalma anu rek naek jiganamah geus cumpon balanjana.
Jingjingan balanja dikajerokeun sup manehna asup kakare ge diuk dina jok kadenge aya sora anu nanya “ngaborong tin,,,?” pas ningali sing horeng geus aya penumpang awewe nu titatadi merhatikeun, “muhun,..eh gening ceu Nining parantos mulih timana geuning euceu the?” bari ngasupkeun hp na kana kantong pok ngajawab”eta puguh tos ngalongok bi haji anjeunna nembe mulih umroh” jawabna, “resepnya bu haji Rosidah mah sering angkatna ka tanah sucina teh”. “atuh naon deui tin…tos teu aya uruseun bi hajimah putrana atos marajeng di kota, lain ari entin teh sorangan balanja teh?” Nining malik nanya singhoreng awewe anu geus balanjateh ngaranna entin, “ muhun atuh ceu sareng saha deui “ jawab entin “ari salaki entin teu nganteur?” “henteu ceu enjing enjing keneh ge tos angkat kang Rudi mah, ata aya kaperyogian saurnamah” “enya atuh tin mun ngukur kana kaperluanmah kabeh jelema oge loba keperluan teh, ngan kudu silih toweksakeun we ulah ngeunah sorangan keun bae pamajikan ripuh oge”. Ceuk nining bari nutupkeun jandela mobil anu molongo gede. “ari abimah, ceu wios..we ari aya kaperyogianmah asal ulah ameng teu puguh” jawab entin daria “ ari entin apal kana keperluan salaki te..?” “numawi teuteurang, ceu ngan abdimah mercantenkeun we, asa piraku ngamomore keun kana kapercayaan abdi” ceuk entin ngayakinkeun.
“ih…..ari entin jaman kiwarimah teu cukup kupercaya memang urang teh kudu alus sangka tapi ulah kajongjonan bisi kabongohan kabobodo ku sibuk, kuriweuh jeung lain lain ariteunteh salaki teu puguh laku” dikitukeun teh entin ngahuleng ngaraga menang aya rasa kahariwang sok sieun ceritaan nining teh kejadian kanujadi salakina.
Keur ngahuleng entin pok deui Nining nyarita “euceu mah, Tin…salaki enya caroge euceu memeh luas leos kaditu kadieu.. boh rek digawe atawa rek aya keperluan can babarengan beberes di imah mah tarawaka sina ngaleos, jaman kiwarimah tin..awewe teh ulah sumuhun dawuh jiga jaman baheula jaman penjajahan matak gering pikir begung awak malah mun kudu ngalawan nya ngalawan nanaonan ngaripuh ripuh sorangan.”
Katingali entin ngabandungan jiga anu saregep pisan “ leres di emut emut mah
ceu, kantenan abdi meni sagala ku sorangan ari pangemut abdimah sok sieun
caroge bendu sok sieun janten doraka kanu janten caroge” “ hihi……hii….tah
pemikiran samodel kitu ,Tin..anu matak awewe teu bisa hojah narimakeun kaayaan
wae atuh moal maju maju hirup teh ngan
ripuh jeung ripuh we, kamarimah, Kang Dudi salaki euceu diantep we teu ditanya
tanya da keuheul atuh eceu tas arisan jeung ibu Rw ari balik kai mah balatak
barala pokna teh teu ka buru beberes disampeur pangajian ku ustadz Rohman,
matak naon beberes heula sina nungguan ustadz the ari butuh anu nganteur
mah..”Ceuk nining,“Ceu puntennya abdi bade lungsur di payun” mobil dieureun
keun ku entin puguhge teukarasa ari ku bari ngobrolmah nyaho nyaho geus tepi
kanu dituju. (Hanca..)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar