Hikmah Shaum Ramadhan


Drs. Cece Mauludin
Staf Pengajar SMA Muhammadiyah Wanaraja

Puasa (الصوم) mibanda harti nahan (الإمساك). 

Anapon ari nurutkeun istilahmah nyaeta

هو التعبد لله تعالى بالإمساك بنية: عن الأكل، والشرب، وسائر المفطرات، من طلوع الفجر الثاني إلى غروب الشمس، من شخص مخصوص، بشروط مخصوصة 

“Ibadah ka Gusti Allah ta’ala dibarengan ku niat, jeung nahan diri tina barang dahar, nginum, jeung sakabeh anu matak ngabatalkkeun shaum, timimiti fajar kadua nepi ka surupna panon poe, anu dilakukan ku jalma anu tangtu kalawan syarat-syarat anu tangtu.” [Ash-Shiyaamu fil Islam, hal. 8]

Puasa Ramadhan nyaeta salahsahiji rukun Islam anu hukumna wajib kalawan dalil Al-Qur’an, As-Sunnah jeung ijma’ (kesepakatan sakabeh ulama). 

Allah ta’ala humatur, 

يأَيُّهَا الَّذِينَءَامَنُواْ كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ َ 

“Hai jalma jalma anu iman, geus diwajibkeun ka aranjeun kabeh puasa, sakumaha geus diwajibkeun ka jalma jalma tisamemeh aranjeun kabeh supaya aranjeun kabeh kagolong keun jalma jalma anu taqwa. ” [Al-Baqoroh: 183] 

Rasulullah shallallahu’alaihi wa sallam ngadawuh, 

بُنِيَ الْإِسْلَامُ عَلَى خَمْسٍ، شَهَادَةِ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ، وَأَنَّ مُحَمَّدًا رَسُولُ الله، وَإِقَامِ الصَّلَاةِ، وَإِيتَاءِ الزَّكَاةِ، وَصَوْمِ رَمَضَانَ، وَحَجِّ الْبَيْتِ

“Islam diadeggeun ku lima rukun: Syahadat Laa ilaaha illallaah jeung Muhammad Rasulullah, ngadegeun sholat, ngaluarkeun zakat, puasa Ramadhan jeung ngalaksanakeun haji ka baitullah.” [HR. Al-Bukhari , Muslim ti Ibnu Umar radhiyallahu’anhuma, jeung lafaz ieu milik Muslim] 

Sajarahna Puasa 

Puasa disyari’atkan dina tahun ka-2 Hijriyah, Rasulullah shallallahu’alaihi wa sallam anjeunna ngalakonan puasa salapan kali Ramadhan, ari tahapannana diwajibkeunnana; 

Kahiji: Diwajibkeun dina mimitinamah dimeunangkeun milih, naha rek puasa atawa rek mere kadaharan dina sapoena ka saurang jalma miskin, kalawan dibarengan motivasi ngalakonan puasa. Kedua: Diwajibkeun puasa, kalawan make aturan upama jalma anu keur ngalakonan puasa kasaerean sememeh buka, maka haram hukumna kaeta jalma nep ika engke peuting. Katilu: Diwajibkeun puasa, timimiti bijil fajar kedua nepi kasurup panon poe, puasa ieu anu kapilih nepikeun ka poe kiamat. 

Hikmah Puasa 

Diantara hikmah jeung manfaat ibadah puasa nyaeta; 

  1. Puasa mangrupakeun sarana pikeun ngaraih kataqwaan ka Alloh SWT, sakumaha dawuhan Anjeunna dina Al-quran surat Albaqoroh ayat 183 
  2. Puasa ngajadikeun sarana mensyukuri nikmat.Alloh SWT 
  3. Puasa ngalatih diri pikeun nahan hawanafsu jiwa, ngalembutkeun hate jeung ngadalikeun syahwat 
  4. Puasa muserkeun perhatian hate pikeun dzikir jeung berfikir kana keagungan Alloh SWT 
  5. Puasa ngajadikeun jalma beunghar beuki faham kana akbarna nikmat Allah kadirina 
  6. Puasa nimbulkeun sikap nyaah jeung deudeuh oge berehan ka jalma anu miskin 

Diantara Dalil-dalil Keutamaan Puasa Ramadhan

Rasulullah shallallahu’alaihi wa sallam ngadawuh, 

مَنْ صَامَ رَمَضَانَ إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ ، وَمَنْ قَامَ لَيْلَةَ الْقَدْرِ إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ 

“Saha jalma anu puasa di bulan Ramadhan karena iman jeung miharep pahala, bakal dihampura dosana anu geus kaliwat, jeung singsaha jalma anu ngadegeun sholat dina peutingan lailatul qodr karena iman jeung miharep pahala, bakaldihampura dosana anugeuskaliwat.” [HR. Al-Bukhari dan Muslim dari Abu Hurairah radhiyallahu’anhu] 

Rasulullah shallallahu’alaihi wa sallam oge ngadawuh,

 كُلُّ عَمَلِ ابْنِ آدَمَ يُضَاعَف الْحَسَنَةُ عَشْرُ أَمْثَالِهَا إِلَى سَبْعِمِائَةِ ضِعْفٍ قَالَ اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ إِلاَّ الصَّوْمَ فَإِنَّهُ لِى وَأَنَا أَجْزِى بِهِ يَدَعُ شَهْوَتَهُ وَطَعَامَهُ مِنْ أَجْلِى لِلصَّائِمِ فَرْحَتَانِ فَرْحَةٌ عِنْدَ فِطْرِهِ وَفَرْحَةٌ عِنْدَ لِقَاءِ رَبِّهِ وَلَخُلُوفُ فِيهِ أَطْيَبُ عِنْدَ اللَّهِ مِنْ رِيحِ الْمِسْكِ 

“Satiap amalan anak Adam bakal dilipatgandakeun, hiji ka alusan dibales ku sapuluh nepi tujuh ratus kali lipat. Allah ta’ala ngadawuh, ‘Kacaba puasa, saenyana aripuasa pikeun Kaula jeung Kaula anubakal ngabalesna, sebab jalma anu puasa enggeus ninggalkeun syahwatna jeung kadaharannana karena Kaula’. Jeung pikeun jalma anu puasa bakal mibanda dua kebahagiaan, nyaeta kebahagiaan nalika buka jeung kebahagiaan nailka panggih jeung Rabb-Na. jeung ari bau baham anu puasa leuwih sengit tibatan seungitna minyak kasturi.”

[HR. Muslim dari Abu Hurairah radhiyallahu’anhu] 

Rasulullah shallallahu’alaihi wa sallam oge ngadawuh;, 

قَالَ رَبُّنَا عَزَّ وَجَلَّ : الصِّيَامُ جُنَّةٌ يَسْتَجِنُّ بِهَا الْعَبْدُ مِنَ النَّارِ، وَهُوَ لِي وَأَنَا أَجْزِي بِهِ 

“Rabb kita ‘azza wa jalla berfirman: Puasa nyaeta perisai, anu kuayana eta perisai jalma bakalngabentengan dirina tina seuneu neraka, jeung ari puasa pikeun kaula, Kaula anu bakal ngabalesna.” [HR. Ahmad dari Jabir radhiyallahu’anhu, Shahihul Jaami’: 4308] 

Wallohu ‘alam bishshowaab. 

#Ramadhan #wanaraja #Muhammadiyah

Share:

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

OPEN RECRUITMENT

OPEN RECRUITMENT
Selamat datang di situs kami, The Progressive School.

Blogger templates

SEKOLAH BERBUDAYA & BERKEMAJUAN

SEKOLAH BERBUDAYA & BERKEMAJUAN

Popular Posts