Staf Pengajar SMA Muhammadiyah Wanaraja
Puasa (الصوم) mibanda harti nahan (الإمساك). Anapon ari nurutkeun istilahmah
nyaeta
هو التعبد لله تعالى بالإمساك بنية: عن الأكل، والشرب، وسائر المفطرات، من
طلوع الفجر الثاني إلى غروب الشمس، من شخص مخصوص، بشروط مخصوصة
“Ibadah ka Gusti
Allah ta’ala dibarengan ku niat, jeung nahan diri tina barang dahar, nginum,
jeung sakabeh anu matak ngabatalkkeun shaum, timimiti fajar kadua nepi ka
surupna panon poe, anu dilakukan ku jalma anu tangtu kalawan syarat-syarat anu
tangtu.” [Ash-Shiyaamu fil Islam, hal. 8]
Puasa Ramadhan nyaeta salahsahiji
rukun Islam anu hukumna wajib kalawan dalil Al-Qur’an, As-Sunnah jeung ijma’
(kesepakatan sakabeh ulama).
Allah ta’ala humatur,
يأَيُّهَا الَّذِينَءَامَنُواْ
كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ
لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ َ
“Hai jalma jalma anu iman, geus diwajibkeun ka aranjeun
kabeh puasa, sakumaha geus diwajibkeun ka jalma jalma tisamemeh aranjeun kabeh
supaya aranjeun kabeh kagolong keun jalma jalma anu taqwa. ” [Al-Baqoroh: 183]
Rasulullah shallallahu’alaihi wa sallam ngadawuh,
بُنِيَ الْإِسْلَامُ عَلَى
خَمْسٍ، شَهَادَةِ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ، وَأَنَّ مُحَمَّدًا رَسُولُ الله،
وَإِقَامِ الصَّلَاةِ، وَإِيتَاءِ الزَّكَاةِ، وَصَوْمِ رَمَضَانَ، وَحَجِّ
الْبَيْتِ
“Islam diadeggeun ku lima rukun: Syahadat Laa ilaaha illallaah jeung
Muhammad Rasulullah, ngadegeun sholat, ngaluarkeun zakat, puasa Ramadhan jeung
ngalaksanakeun haji ka baitullah.” [HR. Al-Bukhari , Muslim ti Ibnu Umar
radhiyallahu’anhuma, jeung lafaz ieu milik Muslim]
Sajarahna Puasa
Puasa
disyari’atkan dina tahun ka-2 Hijriyah, Rasulullah shallallahu’alaihi wa sallam
anjeunna ngalakonan puasa salapan kali Ramadhan, ari tahapannana
diwajibkeunnana;
Kahiji: Diwajibkeun dina mimitinamah dimeunangkeun milih, naha
rek puasa atawa rek mere kadaharan dina sapoena ka saurang jalma miskin, kalawan
dibarengan motivasi ngalakonan puasa. Kedua: Diwajibkeun puasa, kalawan make
aturan upama jalma anu keur ngalakonan puasa kasaerean sememeh buka, maka haram
hukumna kaeta jalma nep ika engke peuting. Katilu: Diwajibkeun puasa, timimiti
bijil fajar kedua nepi kasurup panon poe, puasa ieu anu kapilih nepikeun ka poe
kiamat.
Hikmah Puasa
Diantara hikmah jeung manfaat ibadah puasa nyaeta;
- Puasa
mangrupakeun sarana pikeun ngaraih kataqwaan ka Alloh SWT, sakumaha dawuhan
Anjeunna dina Al-quran surat Albaqoroh ayat 183
- Puasa ngajadikeun sarana
mensyukuri nikmat.Alloh SWT
- Puasa ngalatih diri pikeun nahan hawanafsu jiwa,
ngalembutkeun hate jeung ngadalikeun syahwat
- Puasa muserkeun perhatian hate
pikeun dzikir jeung berfikir kana keagungan Alloh SWT
- Puasa ngajadikeun jalma
beunghar beuki faham kana akbarna nikmat Allah kadirina
- Puasa nimbulkeun
sikap nyaah jeung deudeuh oge berehan ka jalma anu miskin
Diantara Dalil-dalil
Keutamaan Puasa Ramadhan
Rasulullah shallallahu’alaihi wa sallam ngadawuh,
مَنْ
صَامَ رَمَضَانَ إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ
، وَمَنْ قَامَ لَيْلَةَ الْقَدْرِ إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا
تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ
“Saha jalma anu puasa di bulan Ramadhan karena iman
jeung miharep pahala, bakal dihampura dosana anu geus kaliwat, jeung singsaha
jalma anu ngadegeun sholat dina peutingan lailatul qodr karena iman jeung
miharep pahala, bakaldihampura dosana anugeuskaliwat.” [HR. Al-Bukhari dan
Muslim dari Abu Hurairah radhiyallahu’anhu]
Rasulullah shallallahu’alaihi wa
sallam oge ngadawuh,
كُلُّ عَمَلِ ابْنِ آدَمَ يُضَاعَف الْحَسَنَةُ عَشْرُ
أَمْثَالِهَا إِلَى سَبْعِمِائَةِ ضِعْفٍ قَالَ اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ إِلاَّ
الصَّوْمَ فَإِنَّهُ لِى وَأَنَا أَجْزِى بِهِ يَدَعُ شَهْوَتَهُ وَطَعَامَهُ مِنْ
أَجْلِى لِلصَّائِمِ فَرْحَتَانِ فَرْحَةٌ عِنْدَ فِطْرِهِ وَفَرْحَةٌ عِنْدَ
لِقَاءِ رَبِّهِ وَلَخُلُوفُ فِيهِ أَطْيَبُ عِنْدَ اللَّهِ مِنْ رِيحِ الْمِسْكِ
“Satiap amalan anak Adam bakal dilipatgandakeun, hiji ka alusan dibales ku
sapuluh nepi tujuh ratus kali lipat. Allah ta’ala ngadawuh, ‘Kacaba puasa,
saenyana aripuasa pikeun Kaula jeung Kaula anubakal ngabalesna, sebab jalma anu
puasa enggeus ninggalkeun syahwatna jeung kadaharannana karena Kaula’. Jeung
pikeun jalma anu puasa bakal mibanda dua kebahagiaan, nyaeta kebahagiaan nalika
buka jeung kebahagiaan nailka panggih jeung Rabb-Na. jeung ari bau baham anu
puasa leuwih sengit tibatan seungitna minyak kasturi.”
[HR. Muslim dari Abu
Hurairah radhiyallahu’anhu]
Rasulullah shallallahu’alaihi wa sallam oge
ngadawuh;,
قَالَ رَبُّنَا عَزَّ وَجَلَّ : الصِّيَامُ جُنَّةٌ يَسْتَجِنُّ بِهَا
الْعَبْدُ مِنَ النَّارِ، وَهُوَ لِي وَأَنَا أَجْزِي بِهِ
“Rabb kita ‘azza wa
jalla berfirman: Puasa nyaeta perisai, anu kuayana eta perisai jalma
bakalngabentengan dirina tina seuneu neraka, jeung ari puasa pikeun kaula, Kaula
anu bakal ngabalesna.” [HR. Ahmad dari Jabir radhiyallahu’anhu, Shahihul Jaami’:
4308]
Wallohu ‘alam bishshowaab.
#Ramadhan #wanaraja #Muhammadiyah